![]() |
| Local photo 2026 by. Astri, pinunjul lomba |
“Budaya moal leungit ku jaman, lamun urang teu leungit tina jati diri.”
Purwakarta, 15/2/2026. Gumuruh sumanget budaya. Di tengah segerna hawa isuk, lapang Taman Maya Datar jadi saksi kahirupan kaulinan barudak nu hirup deui, ngeusi roh tradisi nu meh luntur ku jaman. Pasanggiri kaulinan barudak tingkat SMP/MTs sederajat, nu digelar ku Universitas Mutaqien, ngahiji jadi panggung adu kreativitas, kekompakan, jeung cinta kana budaya.
Pamilon datang ti rupa-rupa sakola, sa-Kabupaten Purwakarta. Gumurh awuhan sora, jeung keprok ngahiji sairama: ngahirupkeun deui kaulinan barudak nu pinuh makna.
Di tengah riungan éta, hiji ngaran pinunjul ngagedurkeun rasa bangga: SMPN Ekologi Kahuripan Padjajaran. Tim ieu tampil kalawan sumanget ngagedur handaruan, henteu ngan saukur tanding, tapi mintonkeun jiwa. Unggal gerak kaulinan, unggal strategi, jeung unggal kabungah jadi eunteung yén budaya teu ngan saukur dipiara, tapi dihirupkeun dina dada nonoman sunda.
Ti babak ka babak, napas panongton karasa beuki pageuh. Kompetisi beuki sengit, tapi SMPN Ekologi Kahuripan Padjajaran tetep nangtung ajeg pageuh. Kecap “ekologi” dina ngaranna kawas jadi ruh: harmonis, kompak, jeung saluyu jeung alam tur tradisi.
Ahirna, momen nu ditungguan datang. Nalika ngaran juara kahiji dibewarakeun, hawa Taman Maya Datar kawas eureun saheulaanan… ngajegur meletus pinuh ku kabagjaan. SMPN Ekologi Kahuripan Padjajaran resmi pinunjul juara ka-1.
Kabungah juara ieu lain saukur piala. Ieu téh bukti yén kaulinan barudak masih mibanda tempat dina haté generasi ayeuna. Bukti yén budaya bakal nanjeur salami aya nu ngahirupkeun. Purwakarta poe Ieu, nonoman geus ngabuktikeun: pikahareupeun budaya aya dina leungeun maranéhna nu teu poho kana akar.
Purwakarta teu saukur nyaksian lomba. Purwakarta nyaksian lahirna harepan. 🌿✨
Warta : tim media Ekologi

